Jumat, 02 Desember 2011

artikel

ARTIKEL

Diajukeun Pikeun Nyumponan Salah Sahiji
Tugas Basa Sunda












 










Disusun    : Kartiwan
   Adi Wangsa P. K
Kelas         : XII IPS 4



DINAS PENDIDIKAN KABUPATEN SUMEDANG
SEKOLAH MENENGAH ATAS NEGERI 2 CIMALAKA
2011/2012
PIHATUR

      Alhamdulillah,  sagala  puji  urang panjatkeun kahadirat illahi rabbi Allah  SWT anu tos masihan kasehatan, kanikmatan kaurang sadaya. Shalawat sinareung salam urang panjatkeun kajunjynan alam nabi besar Muhammad saw. Kakulawarga para sohabatna sareng kaurang sadaya salaku umatna.
Tina rahmat sinareng ridho allah SWT nu nulis bias nyusun artikel nu judul na “tari jaipong seni asal Jawa Barat” artikel ieu di susun supados ngalengkepan salh sahiji tugas basa sunda.
Rengsena artikel ieu the na teu luput tina kasariusan nu nulis dibantu ku pihak anu gaduh kontribusi anu ageung dina rengsena artikel ieu. Ku kituna nu nulis ngahaturkeun nuhun saageung-ageungna ka:
1.   Drs.  H.  Ade  Djoeanda,  MM.  MBA.  salaku  Kapala  sakola  SMAN  2 Cimalaka;
2.   Cicih  Sumarsih,  S.Pd.  salaku pangaping pangajaran basa sunda;
3.   Adang Rukmana,  S.Pd.  salaku  wali  kalas  XII  IPS  4;
      Nu nulis sadar yen ieu artikel the masih keneh loba keneh kasalahan. Kukituna kritik jeung saran anu sifat na ngawangun nu nulis ngahareupkeun pibenereun pikeun kapayuna.



Cimalaka,  Novenber  2011


Nu nulis      
Tari Jaipong Seni Tari Asal Jawa Barat

            Jaipong  nyaeta  seni  tari  anu  lahir  tina  kakreatifan  saurang  seniman  asal bandung  Gugum  Gumbira.  Ajeuna  kainfirasi  ku  ka  senian  rakyat  anu  salah  sahijina nyaeta  ketuk   tilu  nu  ngajadikeun  apal  jeung  paham  bener  kana  pola-pola  gerak  tarian tradisi  anu  aya  dina  kiiningan  jeung  bajidoran  atawa  ketuk  tilu,  nepikeun  ajeuna  bias ngembangkeun  tarian  atawa  kasenian  anu  ayeuna  kasohor  ku  ngaran  jaipongan.
            Karya  jaipongan  nu  mimiti  kasohor  di  masyarakar  nyaeta  tari  “Daun  Pulus Keser  Bojong”  jeung  “Rendong  Bojong”  nu  mangrupakeun  rupana  tari  putri  jeung  tari papasangan  (pameugeut  sareung  istri)  mimitina  kahadiran  tarian  eta  mimitina  di  anggap  gerakan  anu  erotis,  jeung  vulgar.  Tapi  lila  kalilaan  beuki  popular  jeung  beuki ningkat  frekuensina  dina  pentas-pentasna  rek  nu  dina  TV,  hajatan  oge  dina  parayaan-parayaan  nu  sok  disalanggarakeun  ku  pamarentah  atawa  pihak  sawasta.
            Tina  tari  jaipong  ieu  mimiti  daratangan  sababaraha  panari  jaipongan  anu  lihei sapertos  Tati  Saleh,  Eti  Mamat,  Eli  Somali,  jeung  Pepen  Dedi  Kirniadi.  Kahadiran tarian  jaipongan  nimbulkeun  kontribusi  anu  kumayan  gede  kanu  raresep  seni  tari supaya  leuwih  aktif  deui  ngagali  rupa-rupa  taria  rakyat  anu  sateu  acanna  kurang dipeurhatikeun,  ku  ayana  tari  jaipong  ieu  mimiti  loba  anu  nyieunan  kursus-kursus  tari jaipongan  jeung  loba  di  manfaatkeun  ku  pangusaha  pikeun  mikat  tamu  ondangan.
            Di  Subang  jaipongan  gaya  “kaieran”  boga  ciri  khas  nyaeta  kabungahan,  erotis, humorin,  saregep  spontanitas,  jeung  saderhana.  Kaayaan  eta  nyirikeun  jerona  pola nganyeuniken  tari  dina  pamentasannana.  Aya  nu  ber  pola  (ibing pola)  sapertos  dina  tari  jaipongan  anu  aya  di  Bandung.  Aya  oge  tairan  anu  hente  dipola  (ibing sala), misalkeun  dina  seni  jaipongan  Subang  jeung  jaipongan  Bandung.  Istilah  ieu  bias  urang teang  japong  gaya  kaieran,  komo  deui  didaerah  subang.
            Tari  jaipong  ayeuna  biasa disebut  sahah  sahiji  tarian  khas  Jawa  Barat,  katenjo tina  acara-acara  arikeur  kadatangan  tamu  ti  luar  negeri  anu  datang  ka  Jawa  Barat, remen  pisan  disebut  ku  tari  jaipongan  ieu  loba  mangaruhan  kasenian-kasenian  sejen  anu  aya  di  Jawa  Barat  sapertos  di  pamentasan  wayang  sareng  genjring  jeung  nu laina, anu  tos  di  kolaborasikeun  sareung  dangdut  modern  ku  Mr.  Nur  jeung  Leni  tepikeun kajadi  kasenian  pong-dut.




















PANUTUP

Kasimpulanna
      Tina  hasil  artikel  ieu  nunulis  nyokot  kasimpulan   nu  diantarana:
1.      Tari  jaipong  nyaeta  seni  tari  asal  Jawa  Barat  nu  di  jieun  ku  seniman  asal bandung  Gugum  Gumbira.
2.      Ayeuna  tari  jaipong  mangrupa  tarian  khas  Jawa  Barat.
3.      Ayeuna  tari  jaipong  tos  di  robah  jadi  kasenian  modern  nyaeta  kasenian  pong-dut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar